Buatlah Cerita Bahasa Sunda tentang Berlibur
B. Daerah
Taufiqurroch
Pertanyaan
Buatlah Cerita Bahasa Sunda tentang Berlibur
2 Jawaban
-
1. Jawaban KmsBadarudin2
Versi Bahasa Sunda:
Liburan taun baru kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten saatosna nampi rapot. Di Bandung teu seueur angkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM,PVJ,Dusun Bambu, ka bumina pun bibi di Cijerah sareng ka bumina pun mamang di Gegerkalong. Tapi tempat anu paling mineng didongkapan mah TSM, kumargi paling caket ti Rorompok. Kaping 31 desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok di Cicadas kinten-kinten tabuh setengah lima sonten margi sieun macet dijalan, teu terang mah leres macet.Dugi ka bumi pun ua pas adzan maghrib.
Kinten-kinten tabuh dalapan wengi acara dikawitan meuleum sate maranggi, katuangan khas Cianjur sareng beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit,endah pisan katingalna. Kaleresan bumi pun ua di sisi sawah janten kota Bandung jelas katingal. Puncakna tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit kota Bandung. Ba'da netepan subuh abdi sadayana mulang ka Cicadas. -
2. Jawaban bpratiwi182
PERE SAKOLA
Dina mangsa awal pere sakola abdi mios ka bumi Aa abdi nu aya di Cengkareng. Abdi mios ka bumi Aa sareng Ema jeung Abah. Abdi diditu salami saminggu. Abdi diditu resep ngabantu angkat kue ka tetep, isuk-isuk abdi dibangunkeun oleh pamajikan Aa abdi, dinten jum'at Ema abdi dongkap ka imah Aa abdi pikeun sampeur abdi, bawaning di bumi saderek abdi aya acara.
Ditanggerang abdi katemu sareng saderek abdi tina Padang. Dinten selasa abdi jeung saderek abdi mios ka bioskop pikeun nonton film. Peuting taun anyar abdi jeung babaturan abdi ngajieun acara bakar-bakar pikeun ngarayakeun taun anyar. Urang ngajieun bakar-bakar sosis, bakso jeung jagung. Acarana seru pisan, abdi ngaliat kembang api dina tonggoh taraje deukeut imah abdi, pacokna acara bakar-bakar ieu seru pisan!