arti denotatif dan konotatif dalam bahasa sunda itu apa sih?
IPS
evaliyantiIre
Pertanyaan
arti denotatif dan konotatif dalam bahasa sunda itu apa sih?
1 Jawaban
-
1. Jawaban KauGilaa
Aya sababaraha kalimah atawa kekecapan basa Sunda anu ngabogaan harti denotatif jeung konotatif. Contona saperti babasan atawa paribasa. Babasan atawa paribasa ngabogaan harti denotatif jeung harti konotatif. Harti denotatif nyaeta harti anu sabenerna atawa harti nurutkeun kamus tina unggal kecap nu aya dina hiji babasan atawa paribasa. Sedengkeun harti konotatif nyaeta harti kiasan atawa harti ibarat.
Saperti dina paribasa agul ku payung butut. Harti denotatif tina paribasa agul ku payung butut, geus jelas pisan nyaeta agul ku payung anu butut atawa reueus ku payung anu goreng. Sedengkeun harti konotatif tina paribasa agul ku payung butut nyaeta jalma anu teu aya kaboga tapi sok nyaritakeun yen manehna teh turunan menak atawa loba dulurna anu maju.