B. Daerah

Pertanyaan

1.tulis 3 baris syair pupuh sinom!
2.kumaha guru wilangan pupuh sinom?
3.lengkapen ku kecap nu merenah!
A.dahar keur saluhureuna.........
B. Ngadangu keur diri pribadi.........
C. Nganggem keur saluhureunna......
4.awal beus nu utama teh supir, kondektur jeung......

1 Jawaban

  • 1. Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa digunakeun dina sababaraha puisi Sunda. Conto puisi Sunda anu biasa ngagunakeun aturan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Dina pupuh aya 17 rupa aturan, anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta nu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Pupuh Sinom kaasup kana Sekar Ageung. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina sapada atawa sabait pupuh Sinom aya salapan baris atawa padalisan. Di handap ieu conto 3 baris syair pupuh Sinom :

    Hate bungahna kacida (8-a)
    tara-tara tisasari (8-i)
    kuring panggih jeung manehna (8-a)

    2. Guru lagu jeung guru wilangan pupuh Sinom nyaeta 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Sedengkeun watek atawa karakter nu aya dina pupuh Sinom nyaeta ngagambarkeun rasa gumbira atawa rasa kadeudeuh. Dina sabait, atawa dina basa Sunda sok disebut sapada, pupuh Sinom aya salapan baris atawa padalisan. Jumlah engang dina unggal padalisan pupuh Sinom nyaeta 8, 8, 8, 8, 7, 8, 7, 8, 12.

    3. a. Kecap dahar keur saluhureun nyaeta "tuang", b. Kecap ngadangu keur diri pribadi nyaeta "nguping", c. Kecap nyanggem keur saluhureun nyaeta "nyarios".

    4. Awak beus anu utama teh nyaeta supir, kondektur jeung kernet. 

Pertanyaan Lainnya